Page 1 of 1

Humor Sunda

Posted: Fri Feb 29, 2008 6:00 pm
by pod-rock
Humor Sunda

Ini khusus buat orang yang ngerti bahasa sunda, bagi kami humor dalam bahasa sunda jauuuuh lebih lucu dibanding pake bahasa indonesia. Tentu saja karena secara umur bahasa sunda sudah ribuan tahun, indonesia baru 60an tahun.

Sorry, buat yang ngga ngerti gigit jari tidak dilarang!!

Yang saya tahu bisa sunda adalah: Adadeh, Bp. somad, Montir, ninininipeot, asep, yang lainnya ga tau lagi. Saya pengen tahu sejauh mana netter sunda FFI masih ngerti bahasanya. Kalau saya bahasa halus juga masih ngerti, mengucapkan sekitar 60-70% deh. Adadeh saya lihat sundanya sudah agak belepotan, he he he. Belepotan keju kayanya. Kalu saya keju bersumbu, alias singkong goreng, makan pake garam+cengek, tambah bajigur.

Diambil dari majalah Mangle

Di Rumah sakit Soca

Dokter keur nitah maca ka aki-aki nu keur dipariksa.

“Ieu naon Ki?” bari nunjuk kana aksara nu laleutik.
“Teu kabaca!”
“Ari nu ieu?” cek dokter bari nunjuk kana aksara nu rada gedean.
“Sarua teu kabaca!”
“Nu ieu atuh yeuh, ki?” bari nunjuk aksara anu panggedena.
“Teu kabaca oge!”
“Piraku! Sakieu gedena teu kabaca keneh mah?”
“Da ti baheula oge aki mah teu sakola! Jadi teu bisa maca!”


Anak Cacad

Jajang: “Karunya ka ceu Imas, rajeun teh boga budak.....”
Montir: “Ku naon kitu? Burusut tuluy?”
Jajang: “Laiiin. Ngajuruna teh budaknya cacad.”
Montir: “Euleuh! Cacad naonna kitu?”
Jajang: “Euweuh huntuan!”
Montir: “Gejul teh, hanas didengekeun!”


Supir bodo

Supir Jajang: “Bade liren we janten supir teh, Pa. Geuning teu mendak wae penumpang. Aya nu ngajanteng sisi jalan mung ngacungkeun curuk wungkul.”
Bapa Montir: “Puguh nu ngacungkeun curuk teh nu rek tumpak. Ari ku maneh dikumahakeun?”
Supir Jajang (bari ngajenghok): “Ampuun… ari manawi teh ngajak suten, hanas diasongan jempol!!”


Ka Girang

Indungna: “Jaaangg.. Jajaaaang!”
Si Jajang: “Aya naon ema?”
Indungna: “Cing Ema pangmeulikeun angeun ka warung!”
Si Jajang berebet lumpat, teu kungsi lila geus datang deui mawa angeun.
Indungna (sanggeus ngasaan angeun eta): “Na Jang angeun teh teu kaler teu kidul?” (Maksudna teu ngeunah!)
Si Jajang: “Da ka girang jalanna ge!”


Minyak Lambut

Koh Acong keur ngolo pamajikanna ngajak kituan, pamajikanana keur reuneuh 7 bulan.

Acong: “Mam, hayu atuh ulang kituan!!”
Mamah: “Ah ari si engko teh, kamari alesanana hayang nyieun ceuli, keur itu hayang nyieun panon, terus hayang nyieun rambut, ayeuna alesan naon deui?”
Acong: “Henteu, ayeuna owe mah ngan hayang mere minyak lambut!”


Ngitung Duwit

Pamajikan koh Acong keur sasarean sabeulah Acong anu keur ngitung duit. Sakeudeung-sakeudeung koh acong nyolek ‘anu’ pamajikanana. Enggeus sababaraha kali pamajikanana jadi ngilu hot:

Mamah: “Koh, hayu atuh urang kituan ari keur hayang mah, nyolekan wae tuda gawe teh!”
Acong: “Eh! Sanes hayang owe mah, nyolek so teh jang ngabaseuhan jempol, pan keul ngitung duwit, atuh!”
Mamah (bari ngabalieus sare!): “Si nurus tunjung teh!”

bersambung....

Posted: Sun Mar 02, 2008 3:01 pm
by somad
heu heu heui deuh

Aduh mbah meunika nyeuri beuteung macana.

Mangga cep Podrock dilajeungkeun

Sareng hatur nuhun

Mung mbah mah tos rada kagok sareng mineung tijalikeu umpami kedah nyarios sunda
da tos mang taun ngumbara di jakarta sareng Jawa.

Mangga dikantun atuh.

Posted: Mon Mar 03, 2008 7:22 am
by pod-rock
Hatur nuhun Abah.
Numawi nuju sibuk, upami tos salse bade dilajeng.

atuh teu sawios-wios tijalikeuh ka abdi mah, mung abdi tijalikeuh ka abah teu kenging.

Hapunten mun aya anu kasar cacarioseun abdi teh.

Posted: Mon Mar 03, 2008 10:14 am
by somad
pod-rock wrote:Hatur nuhun Abah.
Numawi nuju sibuk, upami tos salse bade dilajeng.

atuh teu sawios-wios tijalikeuh ka abdi mah, mung abdi tijalikeuh ka abah teu kenging.

Hapunten mun aya anu kasar cacarioseun abdi teh.
Cep Pod-rock nu bageur,

Eta geuning kecap Sunda na sae sareng lemes.

Dugi ka ayeuna mbah nuju milarian pengalaman mbah baheula nu matak piseurian,
nanging teu acan ka emutan, ngan nyondong hiji

Kapungkur waktos jaman Wolanda dilembur mbah nyondong
Warung Cek Anyan,
Kaleresan teh mbah nuju calik dina watu dipayunan warung bari ngadaweung.
Ujujug ujug dongkap kang Uho tukang delman ti beulah kenca teras lebet ka warung.
Ceuk kang Uho Bah aya lauk asin
Cek Anyan nembalan aya aya, aya nu munahan aya nu manahan (maksadna murahan sareng mahalan)
Saur kang Uho bangun ku atoh "Tah eta tah nu manahan sakiloeun, Kahartosna ku kang Uho Manahan=gratis.
Cek Anyan lajeng nimbang sakilo teras dipasihkeun ka kang Uho.
nu separantos nampi teras wae jalan

"Luwina atuh" ceuk bah Anyan

"AH bah sawios teu kedah dileuwihkeun sakieu oge tos cekap'
Ceuk kang Uho bari hegar papahna.

"Haya... Wangsat"

"Hapunten Bah Abdi sanes Wangsa nanging UHO"

:roll: :roll: :roll:

Posted: Mon Mar 03, 2008 5:50 pm
by Garin laksana
@Aki Somad jeung Akang pod-rock!,
Lieur pisan atuh euy!
geus teu bisa ngiluan deui', abdi mah parantos lami ninggalkeun parahyangan teh!
geus atuh nyarios Sunda na!
Abdi mah bahasa naon wae resep ngadangukeun, lamun nganggo nu alus/sopan mah ...ampun!!
Ngke abdi jawab nganggo bahasa Jepun, nyahok ta?! ke...ke..ke..*

Posted: Tue Mar 04, 2008 3:48 am
by somad
Garin laksana wrote:@Aki Somad jeung Akang pod-rock!,
Lieur pisan atuh euy!
geus teu bisa ngiluan deui', abdi mah parantos lami ninggalkeun parahyangan teh!
geus atuh nyarios Sunda na!
Abdi mah bahasa naon wae resep ngadangukeun, lamun nganggo nu alus/sopan mah ...ampun!!
Ngke abdi jawab nganggo bahasa Jepun, nyahok ta?! ke...ke..ke..*
Garin San,
Sumimasen, wataksiwa Nihonggo wakarimasen
Yah teu sawios wios cep gari, mangga wae ngariung didieu, etang etang ngalatih
kecap ngaggo Sunda sareng etang etang napak tilas.
Umpami di jepang atuh teupati benten sareng ti Sunda.
Cobi wae dangokeun kakawih na, tina lentong na da mirip.

Haik Doso

Posted: Tue Mar 04, 2008 5:42 am
by Garin laksana
Ohayogozaimasu Somad Ojii-san!,
Subarashii desu neh Anata wa! Nandemo dekiru.
Sasuga Somad Ojii-san dake atte!
Boku wa makeru wah!

Sumuhun Japenese sareng Javanese ugi Sundanese teupati benten! Aya tilu tingkatan nyak?!
1.Biasa/standar/Ngoko
2.Halus / Kromo
3.Halus sekali / Kromo Inggil!


Abdi mah hayooo wae! Amargi sadayana adalah Kekayaan Budaya Bangsa!
Hiji deui nu abdi pengin sianu teh!: Bahasa Aramic! Bahasa nu dipakai sareng Tuhan Yesus teak! Abdi penasaran pisan euy!

Mekaten mbah!, anggen kawulo gadah kekajengan sianu tumrap boso2 punopo kemawon. Ing pangajab sageto / ndadosno berkah tambahin ngelmu!;
(Panyu pinyi jape methe dab!
podhol2 sobo 'tangi' panyu hero pibo dab! Panyu lesgi2 tape. Del nyedhe bil pibo sobo tangi: ZebaOth tol Sleman!) <------ lha ini bahasa walik'an yg biasa dipakai di Jogja di kalangan anak2 muda mbah!

Doumo arigatou Ojii-san! Nuhun pisan 'ki, Abdi mah reuseup pisan didieu mah!

Posted: Tue Mar 04, 2008 5:57 am
by madison
es lilin maaang ceuceeeuuk
kalapaaa mudaaaa

Posted: Tue Mar 04, 2008 7:19 am
by pod-rock
somad wrote:Cep Pod-rock nu bageur,

Eta geuning kecap Sunda na sae sareng lemes.

Dugi ka ayeuna mbah nuju milarian pengalaman mbah baheula nu matak piseurian,
nanging teu acan ka emutan, ngan nyondong hiji

Kapungkur waktos jaman Wolanda dilembur mbah nyondong
Warung Cek Anyan,
Kaleresan teh mbah nuju calik dina watu dipayunan warung bari ngadaweung.
Ujujug ujug dongkap kang Uho tukang delman ti beulah kenca teras lebet ka warung.
Ceuk kang Uho Bah aya lauk asin
Cek Anyan nembalan aya aya, aya nu munahan aya nu manahan (maksadna murahan sareng mahalan)
Saur kang Uho bangun ku atoh "Tah eta tah nu manahan sakiloeun, Kahartosna ku kang Uho Manahan=gratis.
Cek Anyan lajeng nimbang sakilo teras dipasihkeun ka kang Uho.
nu separantos nampi teras wae jalan

"Luwina atuh" ceuk bah Anyan

"AH bah sawios teu kedah dileuwihkeun sakieu oge tos cekap'
Ceuk kang Uho bari hegar papahna.

"Haya... Wangsat"

"Hapunten Bah Abdi sanes Wangsa nanging UHO"
Ha ha ha ha.

Maca nami 'Kang Uho' gen tos ngakak.

Ngadangu nami-nami khas sunda gen matak geus seuri heula. Khas bahasa sunda mah nya ki! Siga nami "Ineu" teu aya geura dina bahasa sanes mah, aya gen 'ine', mung urang sunda nyangkana ditulis make u jadi we "ineu". Jajang (raja bodor FFI) oge kedahna mah sunda, tapi gening sihoreng teh ti sragen anjeunna.

Eh! naha judulna humor sunda teh jadi pacakaki kieu atuh mbah? Wios we nya, da tos lami tara kaanggo bahasana, jadi sakalian latihan kitu.
Garin laksana wrote:@Aki Somad jeung Akang pod-rock!,
Lieur pisan atuh euy!
geus teu bisa ngiluan deui', abdi mah parantos lami ninggalkeun parahyangan teh!
geus atuh nyarios Sunda na!
Abdi mah bahasa naon wae resep ngadangukeun, lamun nganggo nu alus/sopan mah ...ampun!!
Ngke abdi jawab nganggo bahasa Jepun, nyahok ta?! ke...ke..ke..*
Deuleu etah kang Garin oge urang sunda yeuh!!! Heuheuy deudeuh.
Kapanggih atuh ayeuna mah kafir sunda teh didieu!

Naha lieur kunaon euy? Sabaraha lila kitu silaing ti jepun? Pesen samurai hiji lah, tapi ulah poho anu digagangan nya!

Ulah poho atuh nyarios sunda mah, generasi anu anyar ayeuna mah malah leuwih ripuh sundana teh, matak generasi urang ulah leungit, ajarkeun ka budak teh!

Lamun dijawab bahasa jepun, kuring mah teu tiasa, tiasa gen ngajawab deui ngangge bahasa korea, hayoh siah! ngarti teu?

Eh! ayeuna disunda teh aya hiji pelawak kasohor, bodooooorrrr pisan, ngaranna si OHANG. Payu ditanggap dimana-mana, biasanya gabung manggung sareng Asep Sunandar Sunarya, kuring boga vcdna, ngakak bebeakan nepikeun ngabarakatak yeuh. kumaha nya caranya ngasupkeun ka Youtube?

Geus heula ah, cangkeul gening ngetik bahasa sunda mah!

si madison eta ngacaukeun yeuh! kawas ngarti wae manehna.

Posted: Tue Mar 04, 2008 7:20 am
by pod-rock
Jago

“Bapa aing mah jago siah, mercon sakilo digantungkeun dina ceuli, tuluy diseungeut! Bebeledagan!”
“Ari ayeuna kamana Bapa silaing?”
“Euweuh geus maot!”
“Naha kunaon? Iraha maotna?”
“Harita we pas ngabeledagna mercon eta!”

Kudu Diajar

“Nagara urang teh kudu diajar ka nagara deungeun supaya teu kajadian deui aya leuweung kaduruk!”
“Diajar ka nagara mana tah?”
“Nya… ka nagara Arab atawa minimal daerah kutub!”

Nya Heueuh

Nu Diramal: “Cing kumaha garis hirup abdi ka hareupna Bah?”
Tukang Ramal: “cikan abah ningali garis leungeun Ujang! Tah geuning sakieu jelasnya! Jadi kahiji Ujang teh bakal kolot, kaduana Ujang teh bakal maot!”
Nu Diramal: "Nya Heueuh atuh urang gen bisa kitu wungkul mah!"

Dijual

Dani: “Sinarieun silaing daek ngulampreng ka imah dewek, Bas?”
Abas: “Nyeta euy, rek milu lalajo telepisi.”
Dani: “Na kunaon nu di imah?”
Abas: “Nyeta teu gambar teu sora euy!”
Dani: “Atuh bawa we ka reparasi!”
Abas: “Heueuh teu gambar teu sora so teh, tipina ku dewek dijual, pake mayar hutang!”

Kenal Kerbau

Ki Asan urang Sumedang kadatangan semah urang Jakarta.
Semah: “Apa betul ini rumah Ki Asan?”
Ki Asan: “Sumuhun Agan!”
Semah: “Apa betul Aki kenal sama Bang Boim?”
Ki Asan: “Oooh.. Bang Boim! Kalau kenal beneran mah kagak, cuman kenal kerbau sajah!”
Si semah colohok!
Maksudna mah wawuh munding.

Jagong Kolot

Budak: “Ma, hayang jagong!
Ema: “Nu kolot atawa nu ngora?”
Budak: “Nu ngora atuh Ma!”
Sanggeus jagong dipesek.
Budak: “Ieu mah jagongna kolot, Ma!”
Ema: “Maenya ah, apanan meunang milih Ema!”
Budak: “geuningan ieu buluan.”
Ema: “Na ari maneh nyarita teh sok kamana wae!”

Hulu Hayam

“Nagara mana nu pangbeukina kana hulu hayam?”
“Nagara Amerika!”
“Naon Buktinya?”
“Eta we geuning ari ngaekspor daging hayam ngan ukur pingpingna we jeung dadana. Matak kitu oge meureun huluna mah didalahar we ku maranehna!”

Meuli Roko

Nu Meuli: “Cing meser roko LA Light (El Ei Laith)!”
Tukang roko: “Teu aya jang, kakara ngadenge roko merk eta, sumpah!”
Nu Meuli: “Ari eta roko naon? LA Light lain?”
Tukang Roko: “Ooooh Roko Lalit ieu mah!”

Budak jujur

Hiji semah lalaki ngajugjug ka hiji imah nu buruanana aya budak keur ulin sorangan.
Si semah teh nanya ka budak: “Jang, ari bapa aya?”
“Aya Pa” ceuk budak teh kalem.
Tulus si semah teh keketrok kana panto sababaraha kali tapi taya nu nembalan, komo muka panto mah.
Semah teh nanya deui ka budak: “Na enya bapa teh aya diimah?”
“Leres Pa, tapi da rorompok abdi mah diditu tuh, didieu mah nuju amengan wungkul,” bari nuduhkeun ka imah nu rada jauh ti dinya.
Si semah langsung seuri koneng!

Posted: Tue Mar 04, 2008 9:18 am
by madison
dibantun mah ceuceeuuk ka Majalaya.
hapunteun mah ceuceeuuuk abdi hapunteun
bilih aya kalelepatan.

Posted: Tue Mar 04, 2008 9:44 am
by Eneng Kusnadi
Euleh euleuh si Eneng tinggaleun seuseurian

Posted: Tue Mar 04, 2008 9:47 am
by madison
Ari Eneng kamana wae

Posted: Tue Mar 04, 2008 11:59 am
by Eneng Kusnadi
Eneng sibuk berat, sekarang sedang fokus ke pekerjaan dulu, apalagi minggu depan harus pergi hiber 21 jam euuuhhhh harus stock batre buat nyalain walkman.

Posted: Tue Mar 04, 2008 12:20 pm
by Garin laksana
@ataasss,
Wah Murtadin ti Sunda mah hebat2 pisan euy!
Abdi nu budak Jawa (Jawa koek: ceuk org Sunda mah!), eleh we teras!
Kanggo Aki Somad, Akang Pod-rock, kang-Madison nu seseurik'an wae, abdi betul2 reseup pisan nu didieu' sareng ku anjeun sadayana...mah!
Kanggo Eneng!, rek angkat kamana cing?! Wilujeng angkat dah!, tong hilaf oleh2 na nyak?!*

Posted: Sat Mar 29, 2008 7:45 pm
by somad
Warung Cek Anyan 2

"Duung.. dudung kadieu geura" Saur ambuna Dudung
"Kulaaan" si Dudung nembalan bari nyampeurkeun ambuna.
"Jig Dung ka Warung cek Anyan taroskeun ai semprong lampu teh sabeurahah pangaosna"
"Mangga mbu" Si dudung lajeng angkat ka warung cek Anyan.
Dugi di warung lajeng nyarios
"Cek nyondong semprong lampu, sabeuraha pangaosna?"
"euh Sempolo aya Lua sen.!"
Si dudung nembalan "Sakeudap nya cek bade nyandak artosna"
Tului weh si dudung uih menta artosna ka si ambu.
Dugi deui ka warung, lajeng si Dudung nyarios bari masihan 2 sen
"iyeu cek"
"Iyeu teh keur naon Lung"
"eta nu tadi tea Sempolo."
"euweuh"
"Basa tadi cenah nyondong"
"euweuh.... bari ku keuheul cek Anyan nembalan."
Kaleresan si Amoy putrina cek Anyan bijil kaluar
"Aya naon ieu teh?"
"emti ck ck ck cok cok cok ...oi mai makeh?"
Si amoy nyampeurken sidudung :"Arek meuli naon Dung?"
Eta nu tadi cenah pangaosna 2 sen Semprong lampu"
Teras si Amoy nyarios ka apakna ngaggo basa khe
Cek Anyan gugurutu " Hayaaa.. pancukew moyung...
Bebeja atuh ti tadi Lung Sempolo kitu"
Dudung ???????

Nyi Odah Tukang Lotek Ngajurukeun Kendi

Wangsa; euleuh tadi basa nutup warung Nyi Odah ngajurukeun kendi
Uho: AAh piraku? Ngawadul maneh
Wangsa: Daek medu da enyaan
Uho: Moal... moal bisa, piraku jalma ngajurukeun kendi!
Wangsa: Ah maneh mah Uho saur saha ngajuru, da urang mah nyebat kendi dikajurukeun ku Nyi odah
Uho:???????

Minantu jorang

Si Asep nikah sareng si Nyai bangun ku mujur pisan
Si nyaina geulis pisan sareng eta Mitohana bahenol keneh/
Harita teh mitohana nuju damel di Huma bari nongeng.
Ningali iyeu teras ngadadak getih si asep hanjat ka sirahna.
Disampeurkeun mitohana ti pungkur lajeng ditumpakan beulah ti pungkur.
"Kurang ajar siah Sep, cilangung, doaraka siah wani ka mitoha."
Bangun kurewas si Dudung kanyahoan.
"Aduh ma hampura kalepatan panginten teh sanes ema, dicabut bae nya?"
"Sok siah ai wani nyabut, moal teu di kereweus ku ema, teraskeun asal ulah bebeja ka si nyai!

Posted: Sun Mar 30, 2008 5:28 pm
by talenta
wedew...banyak pisan yang bisa bahasa sunda

saya mah entek tahu tahu juga setelah mengenal bandung lautan api hampir 3 bulan lamanya :)

ajarin atuh A'A :)

Posted: Thu Apr 24, 2008 10:37 am
by pod-rock
Katipu

"Saha didieu nu ngaranna si Robet? Aing aya urusan jeung manehna," ceuk saabrulan pamuda di hiji tempat paranti nginum-nginum.
"kuring!" ceuk hiji pamuda nu keur ngalekik nginum bari mabok.
Teu antaparah, habek-habek eta pamuda nu ngaku Robet teh diteunggeulan ku pamuda nu tadi tea.
Basa nu nareunggeulan tea rek baralik da geus seubeuheun nyiksa, kunia nu ngaku si Robet teh hudang. Pok ngomong bari dadaligdeugan,
"Maraneh bodo geus katipu ku aing. Ngaran uing mah Udin da, lain Robet.."

Nodong

Garong (bari nodongkeun pestol): "Angkat tangan!"
Nu ditodong cicing wae teu ngangkat leungeunna.
Garong: "Angkat tangan ari hayang keneh hirup mah!, belegug!"
Nu ditodong: "ANgkat tangan kumaha, na teu kadeuleu kusia leungeun uing duanana buntung?"
Garong colohok. Enya we nu ditodong teh euweuh leungeunan.

Pareum Lampu

Basa mang Jajang keur Munggah Haji, di kemah lampuna ngadadak pareum.
Harita nu aya teh ngan urang Mesir.
Mang Jajang bingung, hayang ngomong make basa Arab, teu bisa, pok we ngucapkeun nu diinget kumanehna.
Mang Jajang: "Nur.. Nur.. Nur" (Maksudnya teh cahaya)
Urang Mesir: "Limanda?" (kunaon?)
Mang Jajang bingung, naon ari basa Arabna pareum teh???
Mang Jajang: "Nur.. Innalillahi waina ilaihi roji'un."
Urang Mesir langsung ngakak!!!


Basa Lemes nu teu Puguh 1

Wa Haji: "Angkat ka mana Jang?"
Jajang : "Ka Cicekap, Wa Haji, aya peryogi."
Wa Haji: "Cicekap? Dimana eta teh?"
Jajang : "Eta, caket cibeureum gening."
Wa Haji: "Oh.. Cicekap teh Cimahi nya?"
Jajang : "Sumuhun".

Basa Lemes nu teu Puguh 2

Wa Haji: "Sareng naon tuang teh jang?"
Jajang : "Ieu Wa Haji, sareng mastaka hayam."
Wa Haji: "Ari eta lalabna naon?"
Jajang : "Jengkol Anom."
Wa Haji: "Kenging timana?"
Jajang : "Eta ti pasar Ageung Bage, Wa Haji."

Katipu

Jajang : "Gehel, patugas pendaptaran di Puskesmas teu make kutang euy."
Suparjo: "Hah? Iraha maneh kaditu?"
Jajang : "Tadi. Tas berobat nganteur adi kuring."
Suparjo: "Naha atuh kakara bebeja ayeuna ka uing. Saha euy ngarannya eta patugas teh?"
Jajang : "Umar!"
Suparjo: "Kehed!, hanas geus atoh!."

Makelar

Calon Mitoha: "Kana naon damel teh, Jang?"
Calon Minantu: "Janten makelar, Pa."
Calon Mitoha: "Euleuh hebat atuh nya. Makelar naon?"
Calon Minantu: "Makelar panumpang Pa, di terminal."
Calon Mitoha: "CALO maksad ujang teh?"
Calon Minantu: "Eu... sumuhun... eta!"

Di Musieum

Aya rombongan barudak sakola anu dibaturan ku guruna datang ka hiji musieum purbakala

Nu Jaga: "barudak, terang teu sabaraha umurna ieu tulang-tulang titinggal jaman baheula?"
Barudak: "400 taun, Pa!"
Guru: "Salah! Nu pas mah eta tulang teh umurna 404 taun!"
Nu Jaga: "Naha pa Guru mani apal dugi ka rinci kitu?"
Guru: "Margi wakti sim kuring kadieu nganteur barudak opat taun kapengker, eta tulang teh diaksaraan umurna 400 taun. Nya kantun tambihkeun we sareng opat tahun."

Mas Kawin

Dina hiji poe, udin nanya ka Edi sobatna, nu sakeudeung deui bakal panganten.

Jajang: "Lain, rek pangantenan teh maneh mah kalahka siga nu bingung, na kunaon?"
Toyib: "Puguh dewek teh bingung neangan keur mas kawinna"
Jajang: "Naha make bingung sagala, bere we duit ala kadarna jeung saparangkat alat solat, kawas biasa, pan batur ge kitu."
Toyib: "Puguh ieu mah mahiwal, hayang mas kawin anu sarua jeung ngaranna"
Jajang: "Ari geus saha ngaranna teh?"
Toyib: "Intan Permata Berlian."

Murid gelo 1

Basa palajaran Geografi, Bu Ana nyandak Globe ka kelas.
"Somad .. tunjuk mana ari Benua Amerika?" Saurna
Somad anu memang murid pinter nunjuk benua Amerika sanggeus nitenan Globena.
"Betul, pinter Somad. Jajang.. saha penemu benua Amerika?"
Jajang anu memang murid pangbodona ngajawab.
"Somad, buuu...!"

Murid gelo 2

Di hiji sakola anu terkenal murid-muridna tukang begadang. Bu Ana anu keur jadi guru fisika nerangkeun 'perubahan' zat.
"Lamun cai ditiiskeun nepi ka kurang ti 0 derajat selsius, cai teh bakal ngabeku. Tapi lamun dipanaskeun nepi ka ngadeukeutan 100 derajat selsius, caina bakal.....????"
"Jadi KOPIIIIII....."

Posted: Wed Oct 01, 2008 2:45 pm
by forget
wakakakakakak :lol: :lol: :lol: :lol: :lol: